Sakali mangsa di hiji poe Sabtu…

Sakali mangsa di hiji poe Sabtu..

Harita balik sakola, tapi aya sababaraha barudak anu nepi jam 4 sore can baralik. Aya lah kana 60 urang mah. Sabagian dina nu 60 eta, marake training jeung dina dadana ngagantung plang ngaran tina karton warna beureum ati. Budak nu awakna badag tur kasep kacida tea, aya di jero eta bagian. Bleg, katingali ngaranna: Yopi Rismayady.

Ti sore mula, eta barudak geus loba kagiatan. Pas ditaluktik, oh harita teh Teater Epigonen rek ngayakeun pelantikan.

Nurut kana kabiasaan, pelantikan Epigonen rame ku Senior. Teu disebut “Alumni”, dan ari nu ngaran Alumni mah artina geus kaluar, geus lulus. Sedengkeun di Epigonen euwueh anggota anu kaluar, da dina KTA na ge, katulis: Kartu Berlaku Seumur Hidup.

Senior daratang timana mendi. Keur mah kelas 2 jeung kelas 3na ge rea, atuh makin rea.

Beuki peuting beuki rame. Barudak kelas 1 ge rada aneh, na ti marana ieu Akang Teteh nu kakara katingali teh. Jeung naha bisa kompak datang. Jaba harita can aya HP, BB, komo Twitter jeung FB. Pokokna cukup mere kabar kumpul di Wartel Gunung Parang jam saanu, pasti daratang.

Hawa nu tiris beuki karasa. Beuki peuting acara beuki serius. Beuki pikasieuneun, da Senior oge miluan.

Budak kelas 1 mah nurut we da sieun teu katarima jadi anggota Epigonen. Dikitu dikieu teh miluan we.

Pas jam 11an, barudak di kumpulkeun di lapangan. Kudu mawa lilin tah hiji ewang. Cenah mah, budak kelas 1 rek dititah Jurit Malam, bari kudu liwat kuburan. Duh gustiiiiii..

Saacan indit, barudak kelas 1 “disiksa” heula. Tapi kela, siksaan Epigonen mah teu matak getihan. Justru kana awak jd seger tur cenghar. Ngan aya hiji “siksaan” nu matak leuleus kana awak teh. Dimotoran ku nu ngarani Kang Ilham jeung Kang Didit, budak kelas 1 dibere senam “Kepal Patahkan”. Hadeuuuuuuuhhh eta panangan, mani asa rek locot. Terus bari ngurilingan sakola dititah olahraga heula. Barudak kelas 2 jeung kelas 3 oge saruana. Model2 siga Kang Pri, Kang Alga, Kang Aguy (tah nu ieu mah harita ge can di Ospek, da asup Epigonen na ge telat, telat tobat), oge aya Teh Nenden, rea lah.

Der tah jurit malam teh dimimitian. Sial jang budak badah kasep ieu, manehna kabagean indit kadua ti heula. Halah, pasti ieu jurig2 sakitar sakola seger keneh.

Ngiclik we eta budak indit sorangan. Peuting2 jam 12an mapay2 galengan tukangeun sakola nu anyar pinanggih.

Nu kadenge ngan sora bangkong jeung jangkrik. Can aya sora kunti mah. Da kabeneran cenah cek beja, kunti ge keur aya acara pelantikan Kunti junior. Ngarah sah ngajungjuriganana.

Beres ngaliwatan sawah jeung kampung, di jalan nu rada nanjak, aya Senior. “Kade nya, babacaan.” Cenah bari seuri. Waduh, koq jadi rada purinding puringkak.

Enya we, beres nete tanjakan eta, bray tah makam muslim. Poho lah ngaranna.

Untungna, rada wani liwat lah. Lahaola we.

Ngan, teuing kumaha caritana, beut eta budak tijalikeuh. Labuh tah, pas leungeun katuhuna labuh kana gundukan taneuh. Eeehh, kuburan anyar!!

Halah.. Awewe deui.. Aduh eulis, hampura akang.. Dirapihkeun we saeutik, bisi jol kuniang hudang eta nu di jero.

Leumpang rada gancang, rada aya kawani da geuning di ujung makam aya pos leutik. Kang Wilang ngaran nu jagana. Lila-lila mah apal, tiap taun Kang Wilang nu jaga di pos ieu. Geus tetap cenah dina AD/ART Epigonen.

Terus panggih jeung makam Kerkoff alias makam Walanda. Ah, di dieu mah boro sieun. Makam nu teu wawuh, oge Senior aya dimana-mana. Aya di sababaraha pos materi.

Jurit malam lanjut nepi subuh di Kerkoff. Mentaskeun deui sababara materi. Beres Subuh kabeh balik ka Sakola jang rehat sementara.

Rada beurang, naha bet loba angkot. Barudak dikumpulkeun. Tur dibere tugas. Dina daftar bawaan memang dititah mawa baju urut nu masih bisa dipake. Tapi panya teh jang disumbangkeun.

Eh, pek teh dipake. Bari baju rada leutik, atuh ieu budak badag nu kasep teh make baju kaleutikan. Warna hejo deuih. Halah.

Teu beres nepi dinya, jol beungeut dicorat-coret. Beres eta, panon ditutupan. Barudak ditaraekeun kana angkot. Hadeuh, ieu meureun nu dipikasieun teh datang. Nya, tradisi akting jadi nu gelo jeung nu ngemis teh kaalaman oge.

Bari panon poek, angkot jalan teuing rek kamana. Teu lila barudak dititah turun. Tuluy dititah muka bukaan panon. Bray caang, ya Alloooohh Ramayana siah. Mani rame kieu.

Barudak kelas 1 dibagi 2 akting. Jadi nu gelo, jeung jadi baramaen. Budak badag bari kasep ieu kabagean jadi baramaen. Hellllloooowww, gue gitu lho jadi pengemis, apa kata dunia!!

Tapi harita mah, can aya kalimat gaul siga diluhur, jadi tarimakeun we.

Salila 2 jam, jadi siksaan nu kacida beuratna. Kudu kukulilingan make baju urut hejo nu kaleutikan bari mentaan duit. Lain ku nanaon, tiap akting ngemis, sakali deui tiap akting ngemis. Ngadon dijawab: “Maenya aya pengemis gendut!” Tuh, siksaan pan?

Barudak lain sarua digawean. Hayang seuri oge ningali si Lutfi, nu akhirna jadi ketua Epigonen, akting gelo jeung nu gelo enyaan. Ngakuna nu gelo ngaranna Itang Yunaz cenah. Hadeuuuhhh..

Budak badag tur kasep oge kabagen digawean. Dibawa ku Kang Dani hideung nu nepi ka ayeuna jadi musuh, karena Dani pendukung Man Utd, budak ieu pendukung Liverpool (teu nyambung). Eta budak digawean dibawa hareupen delman. “Tah, rayu eta kuda nepi daekeun jadi kabogoh didinya.” Ya Ollllooooohhhhh..

Der eta budak badag kasep teh akting. Nepi eta si kusir teu kuat nahan seuri. Atuda eta kuda diusap, dirayu, nepi diajak kawin!

Akhirna sesi akting beres. Kabeh balik ka sakola. Tidinya suasana geus mulai biasa deui. Da meureun oge geus carape.

Tibalah saat pembaptisan. Masing2 budak digawean deui tah. Dibere nama baptis. Tapi moal beja2 ah nama baptisna naon. Bisi jol hitut teu eureun-eureun.

Pembaptisan dipimpin ku Pak Yadi, bari hiji-hiji budak disimbeuh make cai kembang 7 rupa. Lain nanaon, bisi aya “Si Mumun” mimilu. Apal pan Neng Mumun? Tah ayeuna aya gigireun masing2 nu maca. Datang jauh2 dari bengkel Epigonen.

Byur, cai seungit nyimbeuh mastaka jeung pameunteu. Ah segeeeeerrrrr..

Cai nu ngabasuh lir ibarat walungan di Gunung Gede nu seger. Carita sapeupeuting bakal jadi carita nu endah di kahareupna. Bari jol dina hate, sumanget micinta Epigonen nepi batas nu pangluhurna. Bari ngajorowok, nembongkeun cinta kaasih, ngucapkeun Moto Epigonen:

“KUJEJAKAN KAKI DIATAS BUMI TERCINTA, ATAS DASAR KARSA BERSAUDARA !!!”